Image description
hujan bet
Mengenal Istilah di Musim Kemarau dan Musim Hujan dalam Bahasa Sunda

Mengenal Istilah di Musim Kemarau dan Musim Hujan dalam Bahasa Sunda

  1. Pertanyaan: Naon sababna hawa bet karasa tiris? (Apa sebabnya udara terasa dingin?)

    Jawaban: Sabab rék asup usum halodo. (Karena mau masuk musim kemarau.)

  2. Pertanyaan: Kumaha waé kaayaan dina usum halodo? (Bagaimana keadaan di musim kemarau?)

    Jawaban: Susukan jeung walungan sok orot caina. (Saluran air dan sungai biasa berkurang airnya.)

  3. Pertanyaan: Naon sababna dina usum halodo kudu ati-ati? (Apa sebabnya di musim kemarau harus hati-hati?)

    Jawaban: Sabab sok aya kahuruan. (Sebab biasa terjadi kebakaran.)

  4. Pertanyaan: Kumaha ari kayaan di buruan dina keur usum halodo? (Bagaimana keadaan di halaman rumah waktu musim kemarau?)

    Jawaban: Sok loba kebul. (Biasa banyak debu.)

  5. Pertanyaan: Bakal kumaha mun hujan ngecrek teu eureun-eureun? (Akan bagaimana kalau hujan terus menerus tidak berhenti?)

    Jawaban: Biasana di sawatara tempat sok aya banjir. (Biasanya di beberapa tempat terkena banjir.)

  6. Pertanyaan: Dina keur usum hujan, anu sok limpas téh naon waé? (Waktu musim hujan, air yang suka meluap apa saja?)

    Jawaban: Susukan jeung walungan. (Saluran air dan sungai.)

  7. Pertanyaan: Kumaha anu karasa ku urang mun keur aya caah? (Bagaimana yang dirasakan waktu ada banjir?)

    Jawaban: Matak nimbulkeun kasusah. Jalan, gang, imah, jeung wawangunan lianna kakeueum. (Akan menimbulkan kesusahan. Jalan, gang, rumah, dan bangunan lainnya terendam.)

  8. Pertanyaan: Naon sababna cai di susukan mudal terus jadi caah? (Apa penyebab air di saluran air meluap terus jadi banjir?)

    Jawaban: Sabab kapendet. (Sebab tersumbat/mampet.)

  9. Pertanyaan: Pikeun nyegah caah, kumaha carana urang miceun runtah? (Untuk mencegah banjir, bagaimana caranya membuang sampah?)

    Jawaban: Urang ulah miceun runtah ka walungan atawa ka susukan. (Kita jangan membuang sampah ke sungai atau saluran air.)

  10. Pertanyaan: Naha miceun runtah ka susukan atawa walungan maké dipahing? (Mengapa membuang sampah ke saluran air atau sungai dilarang?)

    Jawaban: Sabab bisa nyababkeun lajuna cai kacandet, tepi ka jadi banjir. (Sebab bisa menyebabkan aliran air tersumbat, sampai terjadi banjir.)

Sumber: Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SD/MI Kelas III Hlm. 30

© 2026 - Semua hak dilindungi undang-undang. PT dengan modal Rp 10.000.000.000. Jl. Jend. Sudirman Kav. 52-53, Jakarta Selatan 12190